27 Mei 2010

Abdi Oge Sami Cinta

Teu kaharti, ceuk herman dina jero hatena. Eta, ngabandungan polah pamajikanana anu teu hideng wae kana tugas sapopoena. Imah barala, teu ieuh hayang sasapu. Kumbaheun patulayah, seuseuheun nambru, koran urut maca pabalatak.
Lain teu hayang ambek, ngan wae Herman teh kakara sabulan dirapalan. Goring kasebutna lamun panganten anyar geus pasea.
Gura-gero. Pamajikan tu nembalan. Gidig wae ka ruang makan, maksudna rek dahar sorangan.
Barang bray muka lomari makan, tetla euweuh dahareun sapotong-sapotong acan. Ret kana meja makan. Ukur aya piring lodor kosong anu pinuh ku kebul. Teuing geus sabaraha poe teu dielapanana oge.
Lodor kosong the terus wae ditulisan, ku tungtung curuk. Unin, “Akang cinta Eneng.”
Keun siah, sugan wae kahartieun. Bakat ku pinuh ku kekebul, lodor oge tepi ka bisa ditulisan.
Herman ngaleios, manehna yakin, lamun pamajikanana balik, sarta maca eta tulisa, tangtu bakal ngarasa dirina salah.
Barang balik deui ka imahna, anu pangheulana th Herman asup ka ruang makan, rek ngabandungan kumaha hasil pamolah pamajikanana. Ret kana lodor. Angger keneh kosong, angger keneh pinuh ku kekebul. Ngan bedana the di handapna aya tulisan anyar, meunang pamajikanana. Unina, “Abdi oge sami cinta.”

0 komentar:

Posting Komentar

Share

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More