23 April 2010

Cikaracak Ninggang Batu Laun-Laun Jadi Legok

Udin geus tilu bulan masantren. Ngan aneh, manehna belet kacida. Ngajina teu bisa-bisa. Ceuk cohagna mah teu apal alip bingkeng-alip bengkeng acan. Udin jadi peunggas harepan. Ahirna udin mutuskeun rek eureun masantrenna. Udin kabur ti pasantren. Manehna rek balik deui ka lemburna nu perenahna cukup jauh ti pasantren tempat nyuprih elmuna.
Udin leumpang nyorangan. Beuki lila leumpangna beuki ngalaunan. Tanagana beuki hengker. Sukuna meh teu bisa dilengkahkeun deui. Antukna Udin mutuskeun rek reureuh bae. Reg leumpang eureun. Jrut babawaannana diturunkeun tina taktakna. Gek manehna diuk dina batu nemprak handapeun tangkal kiara.
Awak Udin nyangsaya kana tangkal kiara. Panonna anteng neuteup ka hareup kana leubah cikaracak nu ninggang kana batu. Eta cai teh muragna kekeclakan, tapi kumha tumerapna kana batu? Batu teh jadi legok. Tangtu kusabab kakeclakan ku cai tea.
Bray jalan pikiran Udin muka. Ceuk pamikirna, batu nu sakitu teuasna ge bet bisa jadi legok ari kalahku hantem-hanteman kakeclakan ku cai mah. Mun kitu mah atuh otakna ge tangtu bakal jadi encer lamun hayo-hayohan diajar mah.
Jung Udin nangtung, terus leumpang deui. Leumpangna nuju ka pasantrenna. Udin rek diajar deui. Udin rek diajar leuwih soson-soson deui.

1 komentar:

Posting Komentar

Share

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More