17 April 2010

Kadaharan Anu Sehat

Unggal jalma perlu dahar. Cing, naon sababna urang kudu dahar? Bener. Sangkan urang boga tanaga pikeun hirup. Jalma anu kurang dahar sok langlayeuseun. Awakna laleuleus kurang tanaga jeun kuru, tapi bisa jadi beuteungnamah bucitreuk lantaran katerap kasakit busung lapar.
Loba dahar oge jadi heunteu sehat, upama daharna heunteu jeng aturan. Anu matak dahar teh kudu puguh aturanana, boh waktuna, boh lobana. Loba teuing barang dahar oge bisa nglantarankeun rupa-rupa kasakit jantung jeung darah tinggi. Dahar anu alus mah, anu meujeuhna bae, ulah kurang, ulah seubeuh teuing, komo mun nepi ka kamerkaanmah.
Kadaharan teh kudu sehat. Cing, nu kumaha ari kadaharan anu sehat teh?
Kadaharan anu sehat teh nyaeta kadaharan anu beresih serta ngandung gizi, protein, atawa vitamin. Beresih tina kokotor atawa kuman jeung bibit panyakit liana. Alusna mah samemeh didahar teh kadaharan diasakeun heula. Lamun atahan saperti lalab atawa bungbuahan, kudu dikumbah heula ku cai beresih.
Ari kadaharan anu ngandung gizi, protein jeung vitamin teh kayaning lauk cai, daging, endog, susu, sayuran kaasup lalab, jeung bungbuahan. Anu disebut opat sehat lima sampurna tea.
Kadaharan anu ngandung gizi heunteu kudu kadaharan anu mewah jeung mahal bae. Kadaharan anu harganan murah oge saperti tahu jeung tempe, loba ngandung gizi. Kitu deui sayuran jeung lala. Malah kiwari mah endog jeung lauk oge henteu kaasup kadaharan anu mewah
(Piwulang basa IIIb, hal.25-26)

4 komentar:

Posting Komentar

Share

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More