02 April 2010

Roni Resep Olahraga

Tema           : Kasehatan
Anak Tema  : Olahraga Pikeun Kasehatan

Roni diuk sidengdang dina golodog imahna. Panonna anteng neuteup daun kalapa nu sing arulang. Dadana turun naek. Ambekanana dikebekan ku hawa anu masih keneh seger. Hawa isuk-isuk di pasisian.
Keur kitu, rongheap anwar datang.
“Ron, arek moal jalan-jalan teh?” Anwar nanya bari neuteup beungeut sobatna.
“Aeh, enyea. Na aya ku poho-poho teuing, nya.” Walon Roni ngarnjug.
“Hayu atuh, panonpoe bisi kaburu luhur!” ucap Anwar deui.
Roni teu kaleked. Bus asup ka imahna. Kojengkang asup ka kamarna. Rap make pakean olahraga. Gap kana sapatu seporna. Geus saged kitu mah, Roni kaluar deui ti enggon-na.
“Ma. Roni bade olahraga heula, nya!” Roni menta idin heula ka indungna nu keur siduru hareupeun hawu.
“Enya, pek. Ngarah awak Roni tetep cangker. Ngarah teu babari kaserang ku panyakit,” walon indungna Roni bari ngareret ka anakna.
Roni memang resep olahraga. Saban poe minggu isuk-isuk manehna sok jalan-jalan. Biasana jeung sobat dalitna, nyaeta Anwar. Pabeubeurangna Roni jeung sobatna sok badminton. Tara ku raket nepakna teh, tapo sok ku panepak tina kai. Eta dua budak teh remen oge ngojay. Tapi tara di balong pangojayan. Biasa di walungan bae. Ceuk pamikir maranehna, teu nanaonlah. Nu penting mah bisa gerak badan.

b. Ngajawab Pananya
1. Dina naon Roni teh diukna?
2. Saha nu datang ka tempat Roni teh?
3. Keur naon indungna Roni teh?
4. Iraha Roni sok jalan-jalanna?
5. Olahraga naon bae nu biasana dilakukeun ku Roni?

Kamus Alit

1. Sidengdang : diuk bari suku ngarumbay (duduk sambil kaki bergelantungan)
2. Golodog : hambalan keur asup ka jero imah panggung (teras rumah panggung)
3. Ambekanana : napasna
4. Kaleked : talangke, hararese (lelet)
5. Sepor : olahraga
6. Enggon : kamar sare (kamar tidur)
7. Cangker : keker, kuat
8. Ambeh : ngarah, supaya

0 komentar:

Posting Komentar

Share

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More