This is default featured post 1 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.This theme is Bloggerized by Lasantha Bandara - Premiumbloggertemplates.com.

This is default featured post 2 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.This theme is Bloggerized by Lasantha Bandara - Premiumbloggertemplates.com.

This is default featured post 3 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.This theme is Bloggerized by Lasantha Bandara - Premiumbloggertemplates.com.

This is default featured post 4 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.This theme is Bloggerized by Lasantha Bandara - Premiumbloggertemplates.com.

This is default featured post 5 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.This theme is Bloggerized by Lasantha Bandara - Premiumbloggertemplates.com.

27 Mei 2010

Abdi Oge Sami Cinta

Teu kaharti, ceuk herman dina jero hatena. Eta, ngabandungan polah pamajikanana anu teu hideng wae kana tugas sapopoena. Imah barala, teu ieuh hayang sasapu. Kumbaheun patulayah, seuseuheun nambru, koran urut maca pabalatak.
Lain teu hayang ambek, ngan wae Herman teh kakara sabulan dirapalan. Goring kasebutna lamun panganten anyar geus pasea.
Gura-gero. Pamajikan tu nembalan. Gidig wae ka ruang makan, maksudna rek dahar sorangan.
Barang bray muka lomari makan, tetla euweuh dahareun sapotong-sapotong acan. Ret kana meja makan. Ukur aya piring lodor kosong anu pinuh ku kebul. Teuing geus sabaraha poe teu dielapanana oge.
Lodor kosong the terus wae ditulisan, ku tungtung curuk. Unin, “Akang cinta Eneng.”
Keun siah, sugan wae kahartieun. Bakat ku pinuh ku kekebul, lodor oge tepi ka bisa ditulisan.
Herman ngaleios, manehna yakin, lamun pamajikanana balik, sarta maca eta tulisa, tangtu bakal ngarasa dirina salah.
Barang balik deui ka imahna, anu pangheulana th Herman asup ka ruang makan, rek ngabandungan kumaha hasil pamolah pamajikanana. Ret kana lodor. Angger keneh kosong, angger keneh pinuh ku kekebul. Ngan bedana the di handapna aya tulisan anyar, meunang pamajikanana. Unina, “Abdi oge sami cinta.”

Diamputasi Suku

Dokter : “Aya dua wartos anu bade didugikeun ka bapa. Anu kahiji wartos pikabungaheun, anu hiji deui wartos
             pikasediheun. Bapa bade ngupingkeun anu man heula?”
Pasen   : “Abdimah hoyong nguping anu pikasediheun heula, Dol.”
Dokter : “Sampean bapa kedah diamputasi. Maksadna, kedah dipotong duanana semet tuur.”
Pasen   : “Ya Allah! Teu tiasa ku tarekah sanes anu langkung ringa?”
Dokter : “Teu tiasa.”
Pasen   : “Dupi wartos pikabungaheunana kumaha, Dok?”
Dokter : “Sapatu kagungan bapak bade dipeser ku pembantu simkuring.”

Neguh Umur Supir

A: “Cing teguh ku silaing. Lamun beus Rahayu, nomer D 678 WR, indit ti Bandung ka Jakarta kalawan
    gancangna rata-rata 60 km per jam, sarta meakeun solar saratus leter, sabaraha taun umur supirna?”
B: “Ah, silaing mah lieur ngasongkeun pertanyaan the. Rek kumaha bisa neguhna atuh!”
A: “Ceuk dewek mah bisa kateguh.”
B: “Sabaraha taun atuh?”
A: “42 taun.”
B: “Naha?”
A: “Apanan supirna teh lanceuk dewek.”

DAMRI

Anak : “Pa, ari DAMRI the singgetan tina Dorong Aing Mun Rek Indit?”
Bapa : “Is, etamah baheula, jaman mobilna barutut keneh.”

Ngeker Bentang

Dedi     : “Asa teu pati eces ngeker bentang the, jauh teuing.”
Maman : “Cing cobaan atuh bari naek kana korsi, ngarah ngadeukeutan meueusan.”

07 Mei 2010

Babaran Kecap

1. nawu = nyaatan (balong, sumur, jsb.) Ind: nguras
2. meh = ampir
3. jongjon = tonggoy, anteng, teu malire nanaon. Ind = anteng, asyik mengerjakan sesuatu.
4. diobrot = diudag-udag
5. ditema = ditembalan, dituluykeun. Ind: ditanggapi.
6. agem = gede (sora). Ind: suara ngebas.
7. hojah = walakaya, gerak, usik. Ind: gerak.
8. diteureuy buleud = dilegleg. Ind: ditelan bulat-bulat.
9. tuturubun = turun gagancangan. Ind: buru-buru.
10. ngegel curuk = nyamos, teu meunang nanaon. Ind: tanpa hasil.

30 April 2010

Kalimah Aktif Jeung Kalimah Pasif

Perhatikeun kalimah ieu di handap!
“Dendi nyampeurkeun ka indungna”
Eta kalimah the bisa dirobah jadi kieu:
“Indungna disampeurkeun ku Dendi”.

Pon kitu deui dua kaliah ieu:
1. Usman mapagkeun Dendi.
2. Indungna ngajak ka Dendi

Bisa dirobah jadi kieu:
1. Dendi dipapagkeun ku Usman.
2. Dendi diajak ku indungna.

Sanggeus nitenan kalimah-kalimah di luhur, prak robah kalimah-kalimah ieu di handa!

1. Abdi naroskeun ka pun uwa.
_______________________________

2. Kuring meuli buku.
_______________________________

3. Resti maledog ucing.
_______________________________

23 April 2010

Cikaracak Ninggang Batu Laun-Laun Jadi Legok

Udin geus tilu bulan masantren. Ngan aneh, manehna belet kacida. Ngajina teu bisa-bisa. Ceuk cohagna mah teu apal alip bingkeng-alip bengkeng acan. Udin jadi peunggas harepan. Ahirna udin mutuskeun rek eureun masantrenna. Udin kabur ti pasantren. Manehna rek balik deui ka lemburna nu perenahna cukup jauh ti pasantren tempat nyuprih elmuna.
Udin leumpang nyorangan. Beuki lila leumpangna beuki ngalaunan. Tanagana beuki hengker. Sukuna meh teu bisa dilengkahkeun deui. Antukna Udin mutuskeun rek reureuh bae. Reg leumpang eureun. Jrut babawaannana diturunkeun tina taktakna. Gek manehna diuk dina batu nemprak handapeun tangkal kiara.
Awak Udin nyangsaya kana tangkal kiara. Panonna anteng neuteup ka hareup kana leubah cikaracak nu ninggang kana batu. Eta cai teh muragna kekeclakan, tapi kumha tumerapna kana batu? Batu teh jadi legok. Tangtu kusabab kakeclakan ku cai tea.
Bray jalan pikiran Udin muka. Ceuk pamikirna, batu nu sakitu teuasna ge bet bisa jadi legok ari kalahku hantem-hanteman kakeclakan ku cai mah. Mun kitu mah atuh otakna ge tangtu bakal jadi encer lamun hayo-hayohan diajar mah.
Jung Udin nangtung, terus leumpang deui. Leumpangna nuju ka pasantrenna. Udin rek diajar deui. Udin rek diajar leuwih soson-soson deui.

17 April 2010

Kadaharan Anu Sehat

Unggal jalma perlu dahar. Cing, naon sababna urang kudu dahar? Bener. Sangkan urang boga tanaga pikeun hirup. Jalma anu kurang dahar sok langlayeuseun. Awakna laleuleus kurang tanaga jeun kuru, tapi bisa jadi beuteungnamah bucitreuk lantaran katerap kasakit busung lapar.
Loba dahar oge jadi heunteu sehat, upama daharna heunteu jeng aturan. Anu matak dahar teh kudu puguh aturanana, boh waktuna, boh lobana. Loba teuing barang dahar oge bisa nglantarankeun rupa-rupa kasakit jantung jeung darah tinggi. Dahar anu alus mah, anu meujeuhna bae, ulah kurang, ulah seubeuh teuing, komo mun nepi ka kamerkaanmah.

16 April 2010

Molahkeun Paguneuman

Pek ku anjen praktekeun paguneuman di handap ieu sasarengan!
Dina pelajaran ieu murangkalih dilatih sangkan bisa ngagunakn paguneuman kalayan lancar sareng ngabiasakeun ngagunakeun basa sunda supados nambihan kosakata anu enggal. 

Oleh-Oleh
Angga  : “Paralay hentu?
Intan    : “Naon, Ga?”
Angga  : “wajit.”
Risma   : “Wajit ti mana, Ga?

03 April 2010

Nyusun Kalimah Parentah

Titenan dua kalimah ieu di handap!
1. Pupus bor, Jang!
2. Pangmeulikaeun pulpen ka warung!

Dua kalimah di luhur mangrupakeun kalimah parentah. Kalimah parentah nyaeta kalimah nu nitah ka nu diajak nyarita pikeun ngalakukeun hiji pagawean.

Di handap ieu aya runtuyan kecap. Titenan!
1.patlot – seukeutan – Nyi
2.dina meja – kantong – pangnyokotkeun

02 April 2010

Nyusun Kalimah Wawaran

Kalimah Wawaran nya eta kalimah nu eusina mere beja atawa mere nyaho. Jadi, henteu ngbutuhkeun jawaban atawa ngalakukeun hiji pagawean ka nu diajak nyarita.
Contoh kalimah wawaran:
1. Kuring resep melak suuk.
2. Patani keur panen di sawahna.

Ayeuna titenan runtuyan kecap di handap ieu:
1. resep – Eksanti – kembang - melak
2. ngamimitian – hayam – ngurus – rek – Jaka

Roni Resep Olahraga

Tema           : Kasehatan
Anak Tema  : Olahraga Pikeun Kasehatan

Roni diuk sidengdang dina golodog imahna. Panonna anteng neuteup daun kalapa nu sing arulang. Dadana turun naek. Ambekanana dikebekan ku hawa anu masih keneh seger. Hawa isuk-isuk di pasisian.
Keur kitu, rongheap anwar datang.
“Ron, arek moal jalan-jalan teh?” Anwar nanya bari neuteup beungeut sobatna.
“Aeh, enyea. Na aya ku poho-poho teuing, nya.” Walon Roni ngarnjug.
“Hayu atuh, panonpoe bisi kaburu luhur!” ucap Anwar deui.

Share

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More